Selasa, 09 September 2014

Kumpulan Carita Ngacapruk,Heureuy Jeung Banyol

Kuring ngarumasakeun lahir di tatar pasundan makana teu heran mun kuring jadi tukang ngacapruk tapi da dikumaha rek di leungitkeun ge geus sababraha hiji jeleuma pinter ti sababaraha madhan nu angkat tangan nya kieu jadina carita capruk kuring di tuangkan kana tulisan sugan jeung suganwe jadi ubar baed kanggo sadayana....

GALAU
Dalam hening sepi ku terdiam dan berfikir kemana harus kucurahkan segala rasa ini...Ingin melangkah namun tak tahu kemana arah tujuan.. Mungkin lewat setatus ini dapat mengurangi beban yang selama ini kusimpan sendiri….Ingin ku berteriak dan ajar ajragan atau jujumpalikan sekedar untuk melepas semua keresahan yang selalu melekat di dalam hati ku namun itu tidak mungkin aku lakukan……Ku selalu berharap semoga munding yang terlepas dari patok angonan kembali dengan senyuman manis dina biwirna kitu tah..

KAHIRUPAN
kahirupan teu salawasna ngajanjikeun kasenangan aya kalana hirup teh di limpud ku kasusah tapi selagi roda gerobak bakso masih berputar kita harus optimis dalam menyikapinya. cek urang garut teamah " impossable to be come possable " nya teu beda jauh jeung omongan ma paraji yang selalu mengatakan "you can if you can"

DI TANYA CALON MITOHA
na jang sering sering teuing ameng ka dieu da di dieu ge seeur pamuda teh,,di tanya kitu ku calon mitoha sok sanajan kuring tukang ngacapruk ukur bisa muih muih taplak meja ari jung burulu susuguh pabalatak,,nya ari di colok colok teuingmah kaluar oge abdi kadieu teh di panjang panjang bakal ka dinga lumpatna di pondok pondok bakal kadinga jigna abdi teh aya hiji ka dua leutik mamanawian neng ty... putri bapa teu acan aya ti sisi ti gigir komo ti tengahmah... ari barakatak teh kuring nu tadi khusu melenguk bari muter muter kancing kameja ngadangu nu ngabakatak rikat luncat teu tatapasini beretek lumpat sok sieun kumaonam...

WAKIL TALI SILATURAHMI
akang ngadamel ieu setatus seja janten wawakil tali silaturrahmi, pangjajap rasa kagumira, wiréh sababaraha waktos kapengker, akang nguping wartos yén salirateh tos aya nu ngagaduhan tangtosna akang ngaraos bingah kagunturan madu nugraha bagja taya bayana sok sanajan rada baluas mun seg ngingetkeun waktu katukang yen anjeun kungsi ngisi ruang hate ieu....*leukeutey hate untung masih inget kana teh botol sosro deui " apapun masalahnya tetep minumnya teh botol sosro" asoy*



HAREUPAN
Hate nu teu weleh mirig salira ku pangdua, hate nu wening nu moal weleh mitresna salira sanajan jauh paanggang. Hate nu miharep salira nyanding jeung kuring. Tapi naha lain kuring sempalan hate salira teh? Saha atuh inyana teh? ku harianeun meunggaskeun tangkal harepan, muragkeun kembang nu ligar di palataran rasa, * tapi apapun masalahna teuteup kuringmah minumnya teh botol sosro sok sanajan masih galau hahaha *

MASA DEPAN MANUSA
masa depan manusia itu ialah kuburan makanya nyai, kasep malem minggu teh jangan cuma di habiskeun ningalikeun air mancur wae da endahna hirup teh laina saukur keur pacepeng cepeng panangan wungkul tapi leuwih ti eta.. jung geura aruih ka ditu * nungtun munding gek di titah depa urut barudak nu tadi*

CINTA MANG UEP
"I love forever and never forget" kata pamungkas eta nu di ungkapkeun mang uep ka bi iroh di bawah sorotan cahaya rembulan handapeun tangkal jengkol tapi ketika bi iroh ngorong di tengah keramaian kecantikannya turun drastis sekitar 70% dan kata kata mang uep yang selalu romatis dari mulai i need you,i like you dan i love you berubah jadi i hate you... *tega eta mang uep tina pasualan ngorong nepi mutuskeun tali duriat nu geus nganteng*

TEORI CINTA
cinta itu tak harus memiliki teorinya sih gitu makanya kupisahkan aja dia dari kekasihnya lalu merekapun parasea dan dengan itu baru ku percaya bahwa cinta dan benci itu hanya dibatasi sehelai benang tipis maka dari itu cintailah kekasihmu sewajarnya sajah dan ketika cinta itu pergi kita akan menganggap sesuatu hal yang wajar dan biasa gak galau gitou louch...!

CEMBURU
rasa cemburu pasti aya dina mahluk nu nyawaan sarua jeung kuring nu teu wasa mun kudu ningal munding keudah parendeng sareng nu sanes,kenapa atuh kamu teh beri aku harapan bila untuk dimainkan... lageday bari suruput kana just tai kotot pamere si ijot *rembay mang uep di kieu kieumah sok sanajan kuring lalaki ge*

URANG SUNDA
Sasat jeujeuh diri teh urang Sunda puguh we salilana teu jauh ti cikopi jeng ranginan ngan ayeunawe salila bulan puasa ukur di teuteup di teuteupwe bari kumetap. Geus kumna we meureun urang Sunda nu loba heureuy jeung carita, lumrah ayana. Dumeh laku hirup euweuh nu menta tuda, gumeular ka alam dunya teh kabeneran lahir jadi urang Sunda lain jadi urang subang kitu tah..

LEBAY
menurut surpey teuing dimana ayana bahwa " Pria terindah di mata wanita bukanlah yang paling tampan raut wajahnya, melainkan yang paling lebay.." kitu tah cenahmah hahay...

UDUD
UDUD minangka hiji gogoda anu pangbeuratna dina ngalakonan puasa. Kitu sotéh husus keur lalaki, Awéwé, atawa banci anu geus kacanduan udud. Da ari anu teu beuki udud mah piraku nepi ka batal puasa, asa kabina-bina teuing. Leupas tina mahal atawa murahna rega udud, nu écés mah loba jalma anu puasana baratal alatan teu kuat nahan hayang udud…kitu tah saur Kang DHIPA GALUH PURBA mah

RASA CINTA
"Rasa cinta pasti aya, dina mahluk nu nyawaan"
Peuting nu endah pipikiran ngapung nyawang pangalaman katukang
waktu ngarasakeun ni'matna cinta nu teu lila! Anjeun ngaleos siga nu teu boga dosa teu inget jigana anjeun ninggalkeun kiriditan panci nu can lunas.. cik atuh sakirana rek ninggalkeumah tong cukat cokot meh endingna alus * akhiri semuanya dengan indah kitu tah lain ieumah nya putus nya mayaran panci hadeuh...!!!*

KALANGKANG
kalangkang ebreh nembongan deui basa urang ngalengkah paduduaan di jalan satapak patuyun tuyun. Harita, ah, aya ku endah salira meulitkeun asih kana ati, ku harewos nu haroshos. “Kang, cinta teh endah, nya? lir langit taya tutugan, lir bentang baranang, Sora salira lir angin nu rintih, tintrim, niiskeun batin,na atuh harita akang bet ngadadak tega nyieun surat putus cinta.. hampura nyai lain akang teu cinta tapi akang teh hayang ngukir sejarah yen kungsi mutuskeun wanoja ulah diputuskeunwe kitu tah....

PATEMPATAN NU JADI ROBAH KA GERUS KU MAJUNA JAMAN
mumunggang langit geus kalimpudan ku haseup nu lewih payus mun di sebut polusi,eweuh nu nyesa iwal ti tarajalna batu-batu nu meh aya di unggal titincakan,eweuh deui tempat paranti urang ngiuhan tempat jiga baheula urang silih tamplokeun kanyaah,ganti ku imah sigrong nu pada nyebut villa tea,kamana ari walungan nu cai herang tempat urang silih simbeuh ku ka deudeuh, kamana tangkal tempat ngukir ngarang urang jeng si manehna nu ayeuna ges jadi pamajikan batur... kamana nya kira kira pemiarsa...

RUSIAH
Jadi hiji rusiah nu can kungsi kanyahoan,aya hiji kapanasaran nu ngaguliksek. Asa ku geus lila jadi bengberat na jero dada ngenaan asal muasalna manusa soalna aya hiji prasati teuing di mana ayana nu netelakeun yen manusa teh asalna tina kuya lain tina monyet jiga nu diungkapkeun ku darwin naha eunya kitu etatehnya... *nanya ka meri nu keur iring iringan aya ngawelasna*

PEMILU
asa di di tubruk ku kuya tengah poe ereng erengan tara ti sasari nini kuring nu jauh pimanaeun ngarti kana urusan politik tapi dina danget ieu,saolah bak politisi atanapi elit partai nyaritakeun sakitu ecesna soal rekam jejak pamingpin nu bakal tandang makalangan dina pilpres,saur anjeunamah, sakelompok prajurit domba nu dipingpin singa, jauh leuwih hadé batan kelompok prajurit singa nu dipingpin ku domba. beu aya ku edas..!

DEDEG SAMPE RUPA HADE
hiji wanoja dedeg sampe rupa hade, campernik lir putri raja,soca rancunit halis ngajejer paeh damis manis jeung pameunteu sieup anteb ngadaun seureuh dipasieup ku lambey nu ipis tur angkeut lir ibarat endog sapotong, hadeuh... ngan hiji hanjakalna menehna teu resep kanu lebay... reuh lagi lagi lebay menyiksaku..!!! kitu caranamah jangar wios bulu irungwe di kucir pemiarsa...

KANG JIMY MENTA BONGBOLONGAN
Punten kang Bade Tumaros, ieumah antawis urangwe duaan nyah nu sanesmah tong diwartosanlah isin, komo Cep Deri Lalallelel sareng Mang Onta Lebay alias Onta Kernn mah sok comel nu duaan etamah!!
Kieu kang, dupi Domba bikang pamasihan ti akang dinten kamariteh leres masih keneh parawan?? margi menurut pamariosan paraji setempatmah tos aya lecet sakedik akibat benda tumpul saurnateh, tah eta kumaha kang??
**sila tutug bari nambulan uyah**

MALEM MINGGU
malam minggu yang hanya ditemani segelas kopi tanpa gula yang baru kali ini aku mencobanya, televisi tetangga kubiarkan menyala da puguh etamah nu tatangga ckckckkck sempat terlintas untuk ririungan walaupun sekedar ngiluan gapleh tapi ku tepiskan semua itu karena malam ini hanya ingin mengingat kenangan indah jeung si eta sampe poho kitu tah

CINTA NU MOAL KASAMPEAN
Ayu tingting,, hiji ngaran nu geus bisa ngeundeuk-ngeundeuk ieu hate,hiji ngaran nu geus bisa ngoyag-ngoyag ieu rasa,kamari pisan pasini jangji rek ngojayan sagara dunya babarengan,mapay mapay situ harepan,naekan tangkal kabagja'an dunya rawuh aheratna,naha bet jadi kieu kanyata'an nana jauh tina implengan,....naha salah kitu mun sayah boga rasa cinta kitu tah

PAIT PEUHEURNA KAHIRUPAN
Urang bisa ngarasakeun pait jeung peuheurna kahirupan, pating térékélna hahargaan, héséna néangan kasab,komo jalma miskin mah dipahing pisan gering sabab obat merupakan barang mewah anu hamo bisa kabeli, panon poé geus leungiteun barokah nepika tibeurang éréng-éréngan ogé lampu motor kudu dihurungkeun,beuki dieu asa beuki pakusut ngigeulan kahirupan teh...# tah PR kanggo caleg siah ... #

TUNGGARA
Dinteun ieu abdi ngeunteung ka raga nyalira, gerentes hate cumarios bangun pinuh ku rasa sono sareng tunggara. Ningal awak sakujur estu siga henteu daya, tikamari nepi ka ayeuna panangan sareng sampean linu ku ancag-incig icigimrang neangan entog tatangga nu kamari dilepaskeun ku kuring sugan teh moal kieu balukarna... pohara bagja mun seg eta entog kapanggih deui... bantuan atuh Kang Tje Tje ieu hate kuat ka baluweng

NYUPRIH ELMU
Tujuh sumur.Tujuh pancuran.Tujuh kembang. Tujuh poé tujuh peuting. Onta Lebay diuk na batu ngampar. Jero leuweung geledegan. Leuweung sanget lengkob Sindangbarang. Kunyam kunyem. Mapatkeun jampé pamaké. Gudawang haté. Dibarung ku amarah Weureu ngayonan hirup. Taya menyatna. Ti baheula mula. Ngan kieu jeung kieuwe kitu cenah tah... asa mangkarunyakeun da singnyaan ....

6 komentar: